Najan liwung kakurung tungtung
Najan muyung kakurung layung
Jung sumalindung kanu agung
Duh, gusti wiati pangarti
Nu sajati mariksa ati
Nu rancage ngawasa simpe hate
Nu ngatur sesa umur
Nu suci ngaraksa wanci
Salawasna hirup jeung pati moal pahili
Najan gumulung di gulung untung
Najan nangtung manggung di gunung
Jung sumalindung ka nu agung
Duh, Gusti malati sanubari
Anging anjeun nu surti
Hariring kuring
Boh eunteup dina keukeup raheut
Boh eunteup dina keukeup geugeut
Salawasna teuteup Anjeung tuhu dina puhu kalbu
Nyawang bulan
Nyawang bulan na implengan
Anjog ka langit peteng
Samagaha rasa
Kakangen teu lantis-lantis
Nyawang anjeun
Ngalangkang na sawangan
Gugupay binarung imut
Ucang angge luhur bentang
Geuning
Dalingding asih
Mung kapireung na impian
Paturai
Hiliwir angin leutik kamari
Gumeterna masih ngancik
Dangdaunan nu ngalakay hiji-hiji
Teu kaburu pamitan kadahan
Najan geter laun-laun leler deui
Itu tangkal tetep ngaheruk leungiteun
Ari ieu hate can metu nalukkeun diri
Turta anjeun lain topan handaruan
Poe nu ngabetrak-betrak
Jang kula tambah nyangsara
Can nyaho isukan hujan rek datang
Leuwi ati hana'ang saat ngoletrak
Pikirean ka anjeun mo suda-suda
Najan hujan jeung topan tandang
Sariak layung
Panon poe wayah lingsir muru dahan peuting
Murung mubyar nungtun layung
Dipayungan halimun marengan hiliwir angin
Mernahkeun tiisna lebah tegalan rasa
Tonggeret kari reretna mere tanggara dina kararas
Nu boleas ngahihidan pucuk eurih, tingarulang
Nembrakeun congo kapeurih nu lawas kasuat
Tibelat nyaksrak nyasaak rasa dina tatu teu kaur
Lita mangsa urang ngamparkeun kanyaah
Lemah katresna mimiti beueus nembus jajantung
Ngagerihan sanubari nu teu kalis sedih kingkin
Asih nu salah wanci jumerit dina tungtung
Sariak layung
Duriat
Angin ngahiliwir
Tiis karasa ngaliwatan damis
Rambut udar tina beungkeuttanna
Seok-seok sorana daun tangkal awi
Duuuuh jauh panineungan
Dimana atuh salira ayana
Akang masih emut gelenyuna salira
Akang masih emut rindat deudeuhna salira
Akang masih emut sadayana geulis
Ayeuna
Boa-boa tos kabeungkeut
Boa-boa tos aya nu nyambat atina
Kieu geuning duriat nu kapegat
Kieu geuning duriat nu hese lumpat
Duriat teh endah tapi nyiksa
Serat kaliwat
Urang langgeng ngawang-ngawang
Ngawelah parahu langit
Sanajan salaksa gelap
Ngabentar jajantung urang
Hamo pukah dilabrak prahara rongkah
Tali sutra sukma urang, jungjunan
Meulitna kabina-bina
Balabuh lebah purnama
Asih urang geuningan beuki dumeling
Mun titirah lebah bentang
Tresna teh tinangtu beuki ngagenclang
==================================================
Ka Nyeuri Ti Anjeun
karya : ( Shinta,Chantika,Diana,Dena )
Teu terang naon masalahna
Teu terang naon kakuranganana
sareng teu terang naon salah abdi
anjeun tinggalkeun abdi
Kanyaah abdi ka anjeun
Ngalewihan kanyaah abdi ka diri sorangan
Tapi kunaon ?
kunaon anjeun tega ninggalkeun abdi ?
Cipanon teu tiasa di bendung deui,
Cipanon tuluy nyakclakan teu katahan
Nyeri, emang nyeri di khianatan ku anjeun
Tapi Hate, hate abdi masih tetep ka anjeun.
Kahirupan
karya : ( Nurlela dan kawan-kawan )
Hirup di dunya ngan saukur ngumbara
Ulah ngansaukur poya-poya
Da di dunya moal lila
Pasti bajak enggal sirna
Dian Poe anu teu di sangka-sangka
Urang boa di Cabut nyawa
Sing tawakal urang salawasna
Meh hirup isuk bagja waluya
=================================================
HIRUP
Oleh Ato Paskal
Hirup lir ibarat lengkah
Sing ati ati tur tarapti
nincak ulah ngan saukur lengkah
bari komo jeung dudupak rurumpak
bisi manggih beling nu pastina bakal nygagk
Hirup jeung kahirupan
lir ibarat lengkah jeung tujuan
lengkah merenah nu ku dilampah
tinangku barokah tujuan
nu ku urang baris kahontal
Panggoda dunya tong dijadikeun alasan
pikeun ngalengkah salah
lantaran bala tangtuna bakal karasa
Kamajuan dunya
kudu dibarengan ku motekar akal
jeung lengkah nu basajan
lengkah merenah kahirupa barokah
============================================
ANAKING
Oleh : Ato Suharto
Anaking...
regepkeun piwuruk ema hidep
sangkan hirup rahayu
jeng berkah tur bagja
Anaking..
tiru jeng gugu pasipatan ema
sabab ciri sagala wanoja natra
aya dina diri ema
Bapa bagja rumah tangga jeung ema
najan kadang sok manggih tunggara
ema tetep ngawula ka bapa
pinuh ku rasa katresna
Anaking..
hirupmah sadar jeung eling
mun hideup mamawa wejangan ema
bakal pasti salawasna eling
Anaking..
hideup geus nincak mangsa dewasa
omat ulah kagoda ku hawa dunya
nu kadang mawa cilaka
Bapa jeung ema teu boga warisan banda pohara
teu boga tanah nu lega
komo deui emas permata
Bapak jeung ema ngan boga do'a
sangkan hideup hirup waluya
dibeungkeut ku iman jeung takwa
bekel urang ngumpul engke di surga
============================
Puisi Persahabatan
Kawan ku,
Lamun aya baraya kuring anu séjén diantara lanceuk sarta adi kuring éta pastilah kau
Baraya ku
Urang sarua menyusuri ombak leutik jikala pasang
Berpanas marahmay dibasa terik
Sahabat ku
Urang meureun waé kungsi menghempas ceurik duaan
Bertindih hésé babarengan
Bermandi késang tanpa jeda
Tapi kuring teu pan bisa atoh tampamu di taneuh anyar engké
Sahabat ku
Baris euweuh deui urang berdebat soal bulan
Moal kungsi deui berlomba memacu parahu
di taneuh anyar meureun baris gersang tampamu
Sahabat ku
Sing percaya perpisahan ieu henteu mawa gumbira dina kuring
Tapi ieu kudu kujalani
Tapi jaga urang pan bersua deui, kalayan mengulang carita-carita urang kiwari.
---------------------------------
Puisi Cinta Romantis
Waktu asa teu deui sanggup némbalan
kiwari haté teu deui ngedalkeun
Sepi anu pageuh ngakeup
sarta ngan kosong anu kutatap
Waktu rasa jadi beku
hatipun ngarasa pilu
Hasrat anu terbelenggu
kuingin kabéh berlalu
Kuring teu sanggup…
Kuring teu sanggup…
Sarta kuring teu hayang kau laér…
Dengarlah nyaah,
sora haté kuring ngagero anjeun..
Rasakanlah nyaah,
di dieu kuring mendambamu..
Ulah ingkeun kuring sorangan sarta kesepian,
Ku hayang Kau mngerti rarasaan ieu,
Alatan,,,
Ku yakin kaulah bagian ti hirup kuring…
---------------------------------
Puisi Tentang Alam
Sagara dumadakan ramai
deburan ombak terseret angin
ka tengah samudera éta
keur di biwir basisir
jelema waé menari-nari
Sagara ngondang sehamparan gunung samudera
datanglah ti penjuru sagala
nempo kami menari
nyanghareupan ahir sodorkan cai
sabot awak bermandi peluh
tapi ulah suguhkan seudati*)
sabab manéhna geus mati
Datang,
datanglah ti penjuru sagala
ramaikan sagara kami anu sepi
kalayan lagu anjeun anu sarat asih
---------------------------------
Puisi Untuk Guru
Manéhna saurang guru
Manéhna henteu saukur méré élmu
tapi ogé harti pangalaman hirup
Hirup anu nyérélék pikeun cai
alatan Manéhna baris ngomong
‘Bangunlah lamun kau terjatuh’
Manéhna nyaéta saurang Ayah ogé Ibu
Menyirami diri anjeun
jeung kaasih nyaah
ambéh kau tumuwuh subur
alatan Manéhna ngomong
‘Cintailah sasama anjeun manusa kawas diri anjeun sorangan’
Manéhna nyaéta inohong badag
ti beribu-ribu inohong badag dunya
Mengharumkan ngaran bangsa
tanpa lencana
sarta Manéhna ngomong
‘Bikeun ngaran anjeun pikeun maranéhanana
anu aya di jero kemelaratan’
---------------------------------
Puisi Ibu
Di peuting anu tiis
Kalayan berselimut kasorangan
Kuterbangun melong wiati wiati kamar kuring
Terlintas di benak sosok engkau
Anu sok marengan kuring mapag isuk-isuk
Anu sok marengan kuring ngarasakeun panasnya sinar panonpoé
Anu sok marengan kuring nyaksian bulan sarta béntang
Sarta balik nganteur kuring ka dina saré anu panjang
Kabéh éta kiwari teu bisa deui kurasakan
Alatan ayeuna ku laér ti anjeun
Mekipun sabenerna ku teu bisa
Tapi ku yakin kabéh éta baris lekasan
Ibu………
Kuring sono kalayan senyummu
Kuring sono jeung kaasih nyaah anjeun
Kuring sono kalayan belai lembutmu
Kuring sono baris pelukmu
Ku hayang kau weruh éta
Ibu………
Kau sok aya
Dina unggal hembusan nafasku
Dina unggal léngkah suku kuring
Dina unggal naon anu ku gapai
Alatan kau kitu hartosna dina hirup kuring
AYA KENAH NU LAIN DIHAP
KAĖNDAHAN ALAM
Cahaya panonpoė
Nyaangan kana ati
Hiliwirna angin
Mawa tiis kana ati
Tatangkalan tinggarupay
Nambah ėndahna alam
Lemah cai negeri nu can ku polusi
Alam ėndah nu merenah
Ulah nepi ka punah
Ku urang kudu dipusti
Supaya tetep asri lestari
QADHA JENG QADHAR
Takdir teu bisa dipungkir
Qadha jeng qadhar teu bisa di takar
Jelema lir ibarat wayang
Gerakna kumaha dalang
Umur panjang teu bisa hayang
Lamun geus kuduna mulang
Ka gusti nu Maha Suci
Cimata kur bisa ngeclak
Wakca Apa tilar dunya
DINTEN MINGGU
Dinten Minggu…
Nyaharita urang ngawitan patepang
Dinten Minggu…
Geuning katresna mekar ati
Teu walakaya kasiksa diri
Antukna silih kedalken eusi ati
Kota Serang jadi saksi
Urang duaan silih kedalken katresna
Kota Serang kota kaasih
Jadi saksi urang duaan silih tamplokeun kasono
Dinten Minggu…
Urang duaan silih pikanyaan
KEBON RAYA BOGOR
Sanajan kebon wujudna
Sanajan heunteu nyoara
Tapina ngajadi tanda
Kaėndahan kota Bogor
Hayu dulur sarėrėa
Urang jaga jeung piara
Sangkan aya mangpaatna
Jadi paru- paru kota
LEMBUR KURING
Ditilik dirasa
Lembur kuring anu ėndah
Upluk- aplak pasawahan
Tinggarupay tatangkalan
Sėahna cai walungan
Hiliwirna angin
Matak tiis kana ati
Lembur kuring…
Tipeuting jempling
Kur sora gang anu rėang
Matak betah tumaninah
EMAK
Anjen jalmi nudipika deudeuh
Pengorbanan teu mėnta wales jasa
Kanyaah emak moal bisa dipohokeun
Jasa emak teu aya tungtungna
Doa emak nu ku abdi dipenta
Bungah emak nu diharepkeun
Emak…
Mudah- mudahan emak bagja dunya aherat
Abdi nyaah pisan ka emak




No comments:
Post a Comment